Rabu, 07 April 2010

NGET KA LEMBUR

Saur bapa saur ema, basa abdi gumelar ka ieu dunya

Nyana dina wanci haneut moyan,

Nuharita langit teh kacida lenglang

Goak ceurik nu ngamimitian

Ngabuyarkeun halimun nu mungkus gunung

Dipapag recok manuk na dahan

Di iring ku hiliwir angin ti lamping

ch:

Tah didinya lembur dilingkung gunung

Tempat abdi lahir

Nya didinya lembur nu linduh daunna

Tempat abdi ulin

Tah didinya lembur nu seger hawana

Abdi digedekeun

Nya didinya lembur nu cluk clak caina

Nu pikabetaheun

interlude ….2, 3, 4, 5, 6, end

Lembur endah tempat dilahirkeun

Kiwari ku abdi ditinggalkeun

Ngadu nasib lulunta ka kota

Nu dikota geuningan kalah sangsara

Ema apa, abdi inget ka lembur

Ema apa, di kota kalah sangsara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar